Cindekna manah seja tumarima
Kana pinasibeun diri nyorang dunya
Seja sukur kanu di pibanda
Mustahil balik deui ka mangsa harita
Tunggang langgang hirup nungkulan harta
Lali kana pangaweruh Agama
Susah moal lumpat ka mana
Bagja moal menta ka saha
Reugreug hate nyumantel ka Gusti Allah nu Mulya
Hanteu daya, teu upaya
Rumasa taya tangan pangawasa
Emut hirup saukur ngalalana
Moal langgeng tur jaya salalawasna
Manah raheut tug dugi nyurucud cai soca
Ngahudang paripolah nu baheula
Beukeul hirup jaga kumaha
Ngagugu kana sagala dodoja
Repeh usik teu walakaya